Lirik Lagu Karang Hawu - Fanny Sabila & Malik Ibrahim


Artist : Fanny Sabila & Malik Ibrahim
Judul Lagu : Karang Hawu
Ciptaan : H.Sopandi.Wijaya
Album : Karang Hawu - Single
Label : MMRecord







Di basisir laut palabuan ratu
Di palebah batu ngampar karang hawu
Bari nyawang ketengah lautan
Hate pinuh panghareupan

Di sarengan ku bebende di gigireun
Rema panagan silih cepeng silihrangeun
Hiliwir angin dalingding katresnya
Mapaesan cinta urang

Patutur tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana karang hawu
Kadedeuh kanyaah, cinta nu urang
Kukuh pengkuh di karang hawu

Tempat wisata palabuhan ratu
Ceuk dongeng ceunah ceuk beja
Kantos sumping ibu ratu

Di karang hawu
Tempat anu endah
Nya didinya pisan
Maheutkeun, janji pasini

Di karang hawu
Palabuan ratu
Aya carita urang duaan
Tepikeuneun katurunan

Reff :
Di sarengan ku bebende di gigireun
Rema panagan silih cepeng silih rangeun
Hiliwir angin dalingding katresnya
Mapaesan cinta urang

Patutur tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana karang hawu
Kadedeuh kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di karang hawu

Tempat wisata palabuhan ratu
Ceuk dongeng ceunah ceuk beja
Kantos sumping ibu ratu

Di karang hawu
Tempat anu endah
Nya didinya pisan
Maheutkeun janji pasini

Di karang hawu
Palabuhan ratu
Aya carita urang duaan
Teupikeneun katurunan

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »